Notification

×

Arsip Blog

NU KUNGSI MÉPÉNDÉ HATÉ

Rabu, 15 Maret 2023 | 20.36 WIB Last Updated 2023-03-15T13:37:44Z


  

Pangarang: Mimin Rukmini


Dasar keur mangsa sumedeng léngér, tara mikir panjang, kuring harita ambek ka  Kang Soma, da karunya ka Kang Endin nu ngéléhan balik ti heula ka imahna. Kagok asong, antukna kuring bébéja ka Kang Soma, yén kuring nyéléwéng…


"Innalillahi wa innailaihi roojiuun. Kasawat naon, Téh? Tos sabaraha lami?" kitu unggelna pananya kuring ka dulurna almarhum nu kungsi cicing, nyanding sumanding, ngancik dina haté.  Almarhum téh ngaranna Kang Soma. Panjangna Soma Saputra.  Cimata murubut teu beunang dibendung, ngucur maseuhan pipi, waktu kuring ngadénĝé béja yén manéhna geus tilar dunya.


Ras ka jaman baheula, dina mangsa SMA, karasa pisan éndahna kahirupan. Kang Soma téh lanceuk kelas, pengurus OSIS. Dedeganana jangkung, ari sikepna rada lungguh. Tapi sok sanajan lungguh, mun seug keur jadi MC atawa keur pidato mah, perténtang ogé cacaritaanana téh. Hal éta tangtu wae gedé mangpaatna pikeun ngadorong  kamajuan OSIS. 


Gancangna carita, kuring kabiruyungan jadi papacangan Kang Soma. Henteu loba mikir sanajan harita kuring téh geus boga papancangan, siswa ti SMA séjén, nyaéta Kang Endin.  Ah, dasar kudu kitu, kuring jadian jeung Kang Soma. Sanajan sakola bari hahadéan, nu penting kuring sumanget diajar, teu nguciwakeun dina peunteun diajar.


Dina hiji waktu, Kang Soma apél nepi ka ngendong di imah kuring. Ku kabeneran deuih, bébéndé nu béda sakola, Kang Endin sarua datang pikeun apél. Dua jajaka datang ngapélan kuring. Ngan untungna kuring boga kolot ngarti, kudu kumaha nyanghareupan budakna dina mangsa rumaja putri.  Antukna dua pamuda nu datang ngapélan kuring téh disanghareupan ku saréréa. Ku indung jeung ku bapa. Pon kitu deui ku kuring sorangan. Asa jadi putri, diapélan ku dua pamuda.



Dasar keur mangsa sumedeng léngér, tara mikir panjang, kuring harita ambek ka  Kang Soma, da karunya ka Kang Endin nu ngéléhan balik ti heula ka imahna. Kagok asong, antukna kuring bébéja ka Kang Soma, yén kuring nyéléwéng ka Kang Endin nu sakolana béda SMA. Teu antaparah deui, Kang Soma langsung nyarékan jeung pamitan, padahal harita geus jam sawelas peuting.


Teu papanjangan, da nyaéta aya nu leuwih anyar, bari sabenerna mah nu anyar téh geus ngancik dina ati leuwih tiheula. Palebah dinyana mah kuring nyidem kanyaah anu leuwih ka Kang Endin. Tapi teu wani kedal, géngsi mun awéwé nu kudu wakca ti heula.


Ti harita nepi ka ayeuna kuring can pernah amprok deui jeung Kang Soma. Paling-paling ngadénĝé béja di mana ayana jeung rumah tanggana jeung urang mana. Kungsi dina hiji waktu nampa béja, majar téh manéhna meunangkeun urang Sumatra. Ngan sakitu-kituna béja nu katampa ngeunaan dirina.


Ari sababaraha waktu ka tukang, babaturan ti Klari ngajapri, ngabejaan yén Kang Soma geus tilar dunya. Sanajan ngarasa kaleungitan, kuring ngan ukur bisa ngadungakeun, muga-muga almarhum husnul khotimah. Lantaran kuring meunang nomer telepon dulur manéhna, kuring langsung nelepon dulurna. Ngadéngé sora dulurna bet nyérédét kana haté. Ahirna kuring sumegruk, ngarasa nalangsa kabina-bina. Nyegrukna kuring, nyeungceurikan manéhna nu nilar, jadi tanda yén manéhna kungsi mépéndé haté kuring.***


Cihampelas, 14 Séptémber 2019

(Hatur nuhun, kanggo Bu Hj. Cicih, nu parantos ngarojong ngedit ieu carpon).



×
               
         
close